Friday 21 September 2018

PUisi Pahlawan Hz Mustofa


Nanang S.Sos. Dina Karyana :
PAHLAWAN HZ MUSTOFA

Ringkang-ringkang nu rumingkang ngaringkang dina kadoliman
Leungeun kotor dating nangtang ngagebur mawa durukan
Napsu
Di Sukamanah Kaimanan Katakwaan buleud ngalawan
Kasarakahan
Ngageder Takbir jeung Dzikir dina ucap ayat-ayat Al-qur`an
Allohu Akbar…

Hatè jeung lisanna teu pasalia tina lèngkahna ku kayakinan
Musuh mangprung lumpat kabur ngabecir gimir ku sora takbir
Hz Mustofa nu pangger panceg dian kaimanan
Jeneganana ngagurat  natrat kacatet dina sajarah
Lemah caina jadi saksi nyakseni nu mulang dina katauhidan

Hz Mustofa hiji Pahlawan ti Sukamanah Tasikmalaya
Contoeun geusan turutaneun dina bumèla Ka Nagara  jeung
Agamana







No comments:

Post a Comment

contoh surat jual beli tanah

SURAT JUAL BELI MUTLAK TANAH SAWAH Yang bertanda tangan di bawah ini masing-masing bernama Odah, tempat di kampung  ......... Rt 02...