Friday 21 September 2018

Girimis Isuk


Nanang S.Sos. Dina Karyana :
GIRIMIS ISUK

Pras-pris girimis manjing dina wanci ènjing-ènjing
Di lebah Tasik…. Halimun isuk nyumput dian simbut isuk-isuk
Ngagrenclang cai kamelang ngadeukeutkeun ngalèndotan
Nu dianti ti janari teu kungsi dating nepungan
Dupi salira nuju aya di palih mana Nuun… ?

Bangbaluh nawu kamelang..
Hèhèrang Panon ngagenclang dian panghareupan
Pelong kosong ngulayaban nguyang kagimirna wanci
Lelenyapan lumenyap dian hate nu hambar ngolèmbar

Kantun sobarna.. Nun !
Dada nyelek campur hareneg dipulasan ku kasumpeg
Agen-agen pecat sawed nu dating ukur wartosna
Dupi salira nuju dipalih mana Nuun !
Hatè mung werat tumanya kana rasa nu kasiksa






No comments:

Post a Comment

contoh surat jual beli tanah

SURAT JUAL BELI MUTLAK TANAH SAWAH Yang bertanda tangan di bawah ini masing-masing bernama Odah, tempat di kampung  ......... Rt 02...